Jumat, 05 November 2010

SASAKALA SITU WANAYASA


           Situ Wanayasa téh kakoncara minangka pangjugjugan jalma pikeun niis jeung arulin sukan-sukan. Perenahna kiwari di kacamatan Wanayasa. Ceuk carita kolot, cenah asal muasalna aya Situ Wanayasa téh kieu.
            Baheula, dina mangsa Wanayasa masih kénéh jadi kadaleman, kungsi aya kajadian halodo nu sakitu bangetna. Mangbulan-bulan taya pisan hujan sakeprul ogé. Sawah-sawah jadi angar, taneuh bareulah, kebon-kebon gararing. Atuh taya pepelakan nu bisa jadi lantaran taya pisan cai.
            Ari nu jadi dalem waktu harita nya éta Radén Aria Suriawinata anu katelah Dalem Santri. Kangjeng Dalem méh unggal poé kalaporan ku rahayatna ngeunaan kajadian balukar halodo téh. Unggal poé aya waé kajadian boh nu maot langlayuseun atawa rahayat nu riributan alatan parebut cai.
            “Kumaha atuh, Mamang, sugan aya pamadegan atawa tarékah pikeun ngungkulan ieu kajadian ?” ceuk Dalem Santri ka abdi dalem kadeuheusna.
            “Sadaya-daya, nuju diemutan ieu ogé,” walonna bari tungkul ngaheruk.
            “ Sugan Mamang mah aya piluangeun, da piraku rék diantep waé mah,” ceuk Dalem Santri deui.
            Nu diajak nyarita kalah ngahuleng salila-lila, bingung kudu kumaha nyiar jalan, nyieun tarékah pikeun nulungan rahayat anu kagaringan.
            Dina hiji peuting, Dalem Santri ngimpén. Dina impénan téh anjeuna kasumpingan ramana. Pok sasauran, “Anaking Surianata, geura jugjug pangguyangan badak, tingali ka lebah kalérna, di dinya aya sumber cai, prak pigawé ku hidep jeung rahayat  Wanayasa. Jieun hiji situ pikeun panampunganana, tuluy kamalirkeun ka solokan-solokan pikeun nyaian sawah jeung kebon-kebon anu kagaringan…”
            Réngsé ramana sasauran kitu, koréjat téh Dalem Santri gugah. Anjeuna ngahuleng salami-lami, ngémutan impénan nu cikénéh kaalaman.
            Isukna, bari dibarengan ku abdi dalem katut sawatara urang rahayat Wanayasa, Dalem Santri ngajugjug ka pangguyangan badak sakumaha pituduh ti ramana téa. Barang nepi ka lebah dinya katémbong kaléreun pangguyangan badak anu garing téh aya taneuh nu rada beueus, siga-siga aya caian. Tuluy ku Dalem Santri taneuh téh diguarkeun make rokrak nu kabeneran aya di dinya. Enya baé taneuh téh baseuh, tandaning aya cinyusu di lebah dinya.
            Sanggeus tétéla kitu mah, rahayat obyag babarengan ngali taneuh nu aya cinyusuan tuluy nyieun solokan pikeun jalan cai ti sumber cinyusu ka lebah pangguyangan badak. Nepi ka ayeuna solokan nu dijieun téh katelah Solokan Badak, perenahna kaléreun Situ Wanayasa.
            Ari tempat pangguyangan badak tuluy dikali babarengan pikeun dijieun hiji situ keur nampung cai tina solokan cinyusu téa.kangaranan nyieun situ, teu bisa anggeus dina waktu anu sakeudeung-sakeudeung, tapi mangbulan-bulan da puguh jaman harita pakakas anu dipaké nyieun situ téh basajan pisan kayaning pacul jeung balincong.
            Hanjakal, dina mangsa rahayat Wanayasa keur rempug jukung, gotong-royong babarengan nyieun situ, Dalem Santri kabujeng tilar dunya. Pikeun pangéling-éling kana jasana, rahayat Wanayasa ngurebkeun jasad Dalem Santri di tengah-tengah situ anu ngahaja henteu dikali, tapi mangrupa gunung leutik anu ayeuna katelah Pasir Santri lila ti lila robah jadi Pasir Mantri.
            Legana Situ Wanayasa baheula mah kurang leuwih lima héktar. Kiwari mah ngaheureutan ku lantaran kajadian alam. Malah baheula mah taya jalan gedé siga kiwari, pikeun ngahubungkeun lembur Wanayasa kidul, wétan, kalér jeung kulon téh kudu ngaliwatan jalan Désa Gandasoli anu parat nepi ka Bayuwangi.
            Sanggeus dijieun jalan gedé anu perenahna kuloneun Situ Wanayasa, kaayaan jadi ramé. Situ Wanayasa kiwari jadi salahsahiji obyék wisata anu kasohor di Purwakarta.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar